-->

contoh biantara singkat bahasa sunda tentang kesehatan

Contoh pidato bahasa Sunda tentang kesehatan 

Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urang tiasa patepang raray di acara ieu. 

 Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, 

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana. 

Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat. Misalna mersihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat. Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur. Urang teh kedah mikacinta kana kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih. Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya. Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang. Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul. Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngabagjakeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga. 

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana. Waalaikum salam Wr.Wb.

Download aplikasi Inews.id untuk akses berita lebih mudah dan cepat:
https://www.inews.id/apps

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel