-->

contoh biantara singkat bahasa sunda tentang pendidikan



Contoh pidato bahasa Sunda tentang pendidikan

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu dipikacinta ku simkuring.

 Dina kasempetan ieu, simkuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan "Wajib Belajar Pendidikan Dasar ". Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan kukayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat anu kirang mampu. Pamarentah hoyong sadaya masarakat Indonesia tiasa meunangkeun pendidikan anu layak, boh anu mampu boh anu kirang mampu. Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkan warga nagara palinter. Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakatIndonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakal kalindes ku kamajuan jaman. Diharepkeun dina diayakeun program wajar dikdas salapan taun, masarakat Indonesia tiasa lebih maju, utamana dina widang pendidikan. 

Sakitu anu tiasa di dugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu merenah kanu manah. Hatur nuhun kanu sadaya perhatosan nana. 

Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel