-->

contoh biantara sunda tentang kebersihan

1. Contoh pidato bahasa Sunda tentang kebersihan
 
Assalamu’alaikum Wr. Wb. Sampurasun! 
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Ilahiirobbikalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalawan dina kaayaan sehat walafiat. 

hadirin sadayana. 
Dina ieu waktos, simkuring bade nerangkeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. 

Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Kumargi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayuna di kawitan ti ayeuna. aya istilah. “Annadhofatu minal iman” nu artina “Kabersihan teh sabagian tina Iman”, 

urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuanna,nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, anu nyebabkeun urang teu suci. 

Bersih eta sadaya teh nu didadarkeun dina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allahumma, amiin… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih. 

hadirin sadayana 
Cekap sakitu simkuring nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem,bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.


Download aplikasi Inews.id untuk akses berita lebih mudah dan cepat:
https://www.inews.id/apps

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel