-->

carpon ngabuburit

 Ngabuburit

(Haris Setiadi)

Usum puasa, usum ngabuburit. Jadi émut kana dongéng Ceuceu keur alit. Emut sotéh pédah wé ayeuna abdi ogé keur puasa. Beuki karaos murilitna patuangan, beuki émut kana dongéng Ceuceu. Meureun Ceuceu ogé kapungkur sakieu laparna. Cacak abdi waé ayeuna tos kelas V, sakieu asa kasiksana. Komo Ceuceu harita teu acan sakola  SD-SD acan, cenah.

“Ais, entong di kamar waé atuh. Ngabuburit geura, jalan-jalan ka mana mah, ngarah teu karaos!” Mamah anu nuju ngadamel kolek kakuping ngagorowok ti dapur.

“Moal ah, ieu nuju resep maca,” ceuk abdi bari api-api mukaan

Manglé anu ti tadi ngagolér gigireun. Niat mah maca, tapi geuning lapar karaos waé. Jadi teu purun nanaon, kalah ka émut kana dongéng Ceuceu.

Ceuceu téh kapilanceuk abdi, putra Ua. Kapungkur mah bumi Ua téh caket abdi, tapi ayeuna mah ngalih ka Bandung. Atuh Ceuceu ogé ngiring ngalih ka Bandung. Ayeuna mah nuju kuliah Ceuceu téh, kapungkur mah basa caket abdi kénéh, sok sering ngadongéng. Resep, aya dongéng sasatoan aya dongéng pangalaman. Sakali mangsa Ceuceu ngadongéngkeun pangalaman dicandak ngabuburt ku tatanggana. Cenah, harita Ceuceu teu acan sakola, yuswana ogé nembé 5 taun satengah. Ti aalit Ceuceu tos rajin diajar puasa. Harita ogé kitu. Poé mimiti ngalakonan puasa. Pasosoré, Ceuceu anu keur ameng di buruan diajak ku Tétéhtétéh tatanggina jalan-jalan, ngabuburit. Ku Ua ogé diwidian, komo Tétéh anu ngajakna téhmurid Ua pisan.

Duka pédah tebih teuing, duka pédah poé munggaran puasa, di tengah jalan Ceuceu teu kiat nahan lapar. Untungna, harita téh caket ka bumina Wa Didi, sobat Ua. Ningalieun Ceuceu pias, cenah, Tétéh anu ngajak téh nyimpang ka bumi Wa Didi, da apaleun Wa Didi sobatna Ua. 

Di bumi Wa Didi, Ceuceu digolérkeun dina korsi panjang, da leuleus teu bisa calik-calik acan, cenah. Ku Wa Mimih, istrina Wa DIdi, Ceuceu disuguhan susu coklat sagelas jangkung. Leguk-leguk dileueut nepi ka séépna. Malah cenah, harita Ceuceu nyuhunkeun deui sagelas, nepi ka seep deui baé salegukeun. Kacaritakeun Tétéh nu ngajak ngabuburt téa kareureuwasan, gura-giru balik ka Ua, ngawartosan Ceuceu mopo di bumi Wa Didi. Uihna, Ceuceu digandong ku  Ua. Cenah, Ua dinanaha ku Wa Didi, pajar maksa budak sina puasa. Padahal, Ua mah teu maksa teu sing, éstuning kahideng Ceuceu baé bakat ku palay diajar puasa. Émut kana dongéng Ceuceu, abdi jadi asa isin sorangan mun kudu éléh ku lapar jeung hanaang. Ceuceu ogé geuning anu sanu harita alit kénéh pisan tos keresa maksakeun diajar puasa, komo ieu abdi, tos kelas V. Enya ah, tahan wé lapar meueusan mah.

“Ais….Ais! Gugah! Magrib! Buka moal? Mamah ngaguyah-guyah. Astgfi rullahaladzim! Teu karasa jadi ngaleyep. Tapi teu karasa, abdi kasaréan nepi ka magrib. 

“Ngabuburit téh kalah dina kasur!” ceuk Mamah bari ngusap sirah

abdi nu keur nyiuk kolek pisang karesep.***

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel