-->

carpon kembang lili kanggo ibu

 Kembang Lili Kanggo Ibu

Tina sakitu lobana kembang, anu pangdipikaresepna ku Ibu téh kembang lili warna bodas. Saur Bapa mah, kembang lili bodas téh  mangrupa gambaran Ibu. Basajan tapi geulis. Fajar jeung Putri kungsi

nyaksian kacida bungaheunana Ibu, waktu dina hiji mangsa Bapa masihan kembang lili sabeungkeut ka Ibu.

“Ibu téh énjing ulang taun. Geus aya hadiahna acan? Ceuk Fajar ka Putri.  

“Acan. Ari hoyong mah masihan kembang lili ka Ibu téh, tapi geuning mahal nya? Ceuk Putri ka  lanceukna, “Kamari naroskeun ka toko kembang.”

“Tapi jigana mah angger moal cukup,” ceuk Putri kerung. Tapi, ujug-ujug Putri inget ka hiji imah anu unggal poé kaliwatan saban maranéhna indit ka sakola.

“Ééééhhhh….ari Aa émut teu, bumi ageung liliwatan urang ka sakola? Anu di buruanana seueur kembang lili?”

“Oooohhh….enya, bener. Inget, inget! Jigana lamun urang metik sababaraha tangkéy ogé anu bogana moal ngambek meureun, nya?

Da kembangna téh loba pisan, nya? Ceuk Fajar bangun nu atoh. Putri unggeuk bari jigrah.

Isukna, maranéhna idit ka sakola saperti biasana. Maranéhna apiapi poho yén poé harita téh ulang taun Ibu. Bari nungguan angkot, maranéhna papelong-pelong bari sareuri waktu nempo imah gedé nu diburuanana loba kembang lilian. Samulangna ti sakola, barang jrut tina angkot, duanana terus meuntas nyampeurkeun imah kembang lili téa. Satepina ka nu dituju, Putri nyerangkeun Fajar nu leungeunna mimiti metikan kembang lili ti luareun pager, didongkangan. 

“Héh! Éta nu duaan….. keur naon?” teu kanyahaoan aya nu ngagorowok ti loténg imah gedé éta. Fajar reuwaseun, terus metot leungeun adina bari leungeun nu hijina pageuh ngeukeuweuk kembang meunang metikan. Maranéhna kakara sadar, meuntas jalan gedé kurang ati-ati.

Cekkiiiiiiiiiittttt…..!!!! teu kanyahoan aya mobil sédan anu ampir nabrak maranéhna. Supirna ngagorowok, reuwas ku barudak meuntas teu ati-ati. Fajar jeung Putri tonggoy leumpang gagancangan, teu maliré ka nu patinggorowok mangreuwaskeun. Teu lila, maranéhna anjog ka hareupeun imahna. Saméméh sup ka imah, maranéhna ngatur napasna nu rénghap ranjug. Capé jeung reuwas  kareureuhnakeun.

“Assalamu’alaikum…..! Selamat ulang taun, Buuuuuu….!” Ceuk

duanana bari ngasongkeun sabeungkeut kembang lili ka Ibu nu molohok kénéh. Duanana ngagabrug ka Ibu. Duanana diciuman ku Ibu nu kacida bungaheunana narima sabeungkeut kembang lili. Teu kungsi lila aya nu ngetrokkan panto. Ibu reuwaseun barang  ningali Pa Dodi keur ngajanteng hareupeun panto.

“Punten, Bu Surya….abdi téh aya nu badé didugikeun, perkawis putra-putra Ibu tadi di jalan,” saterusna, Pa Dodi ngajentrékeun sakur nu katingali ku anjeunna tadi di jalan. Fajar jeung Putri kacida reuwaseunana barang ngadéngé Pa Dodi nerangkeun kalakuan maranéhna metikan kembang lili anu saterusna ampir katabrak téa.

“Fajar…..Putri…..cing ka darieu sakedap, da balageur putra Ibu mah,” saur Ibu basa Pa Dodi geus pamitan. 

“Ayeuna Ibu apal, kumaha jeung ti mana hidep meunang kembang lili ieu. Aya pelajaran nu ku hidep kudu dijadikeun catetan poé ieu,” Ibu mencrong duanana, ngareluk tungkul. 

“Yeuh….darangukeun nya! Regepkeun! Keur Ibu mah….kembang lili ieu teu pati penting lamun dibandingkeun jeung nyawa hidep duaan.

Naon hartina kembang lili keur Ibu dibandingkeun jeung hidep duaan.

Kadé, engké mah ulah sakali-kali deui lalawora di jalan jiga kitu. Lamun meuntas, kudu di tempatna. Apan lebah dinya téh aya zébra kros,” saur Ibu bari angger mencrong nu duaan nu angger ngareluk.

“Hiji deui….metikan kembang tanpa permisi, éta téh lepat! Boroboro di buruan bumi batur, di taman umum ogé teu hadé lamun hidep putak-petik sangeunahna. Sok bayangkeun, lamun hidep nu miara kembang éta, saban poé disiram, dipiara dihadé-hadé, ujug-ujug aya anu metik tanpa permisi. Bakal kuciwa, meureun? Nya….? 

Fajar jeung Putri unggeuk-unggeukan.

“Sok, jangji ka Ibu! Saur Ibu bari ngadeukeutan putra-putrana.

“Jangji….moal kitu-kitu deui” ceuk duanana ampir bareng.

“Jangji nya? Tapi hiji deui, énjing samémeh ka sakola, ulah hilap ménta dihampura ka anu kagungan bumi kembang lili, nya?”

“Muhun, Bu. Badé, ceuk Fajar. Ibu imut bari unggeuk.

“Jung ayeuna mah geura disaralin! Bapa sakedap deui sumping ti kantor, cenah rék ngajak urang makan-makan,” ceuk Putri deui.

“Heeemmmm….margi ayeuna ulang taun Ibu, special….Ibu jangji,

moal wawartos nanaon ka Bapa!” saur Ibu bari mencét irung Putri.

“Horééééééééhhhh…….Ibu bageueueueueurrrrrr!" ceuk Fajar

jeung Putri bari ajrag-ajragan.*****

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel