-->

carpon akibat nuar tangkal papaduan

 AKIBAT NUAR TANGKAL PAPADUAN

(Karya: Kustian)

 

Dina hiji poe anu endah jeung tengtrem, di mana rea sora manuk ngariung pating tetembalan kalayan bagja, sarta tatangkalan nu tinggarupai katiup ku angin, saliwat nyieun merenah pamandangan di luhur bukit.

Tapi teu kungsi lana, katenangan the geus ka usik ku sora-sora mesin ragaji nu ngagusak-gesek tatangkalan nu matak nyieun bingbang kana hate, kadeng ngaguruh sora tangkal raragagan hiji-hiji ti kajauhan.

Di handap bukit nu teu jauh ti eta tempat, aya cicing saurang aki-aki. Si aki tuluy hudang tina sarena alatan eta sorea nu nyiksa kana ceuli. Geuwat engkeh si aki tina korsi awi muru ka eta sumber sora.

“Heh maraneh eureun nuaran eta tatangkalan!” Ceuk si aki ngomong ka gorombolan tukang nuaran kayu.

Tapi, jalma-jalma teu malire kana omongan si aki, malih angger nuaran deui. Si aki teu cicing wae malah geuwat nyanghareupan nangtung di hareupeun eta ragaji nu keur di ceceukeul tukang kayu.

“Naon anu ku Aku lakukeun teh, Aki bisa pupus mun kena ieu ragaji the,” ceuk tukang kayu.

“Kuring moal cicing bae mun mararaneh tetep naluaran tatangkalan di ieu leuweung, kapan nyaho meureun yen loba mahluk hirup anu gumantung pisan ka ieu leuweung, jeung akibat anu bakal kajadian mun kabel tangkal beak dituaran ku maraneh,” ceuk si aki bari popolotot.

Jalma nu naluaran kayu tungtungna ngarasa ka ganggung kusabab kadatangan si aki, atuh si aki ngan ukur saurang angger dipapaksa pikeun ngajauh ti eta tempat.

Tangkal nu dituaran teh mangrupakeun wilayah leuweung nu aya di luhur bukit. Leuweung nu aya di luhur bukit. Leuweung kasebat mimitina endah tur asri, tapi saprak aya parusahaan furnitur di handapeun bukit eta, loba jalma nu paheula-heula nuaran kayu keur dijual.

Sanajan dititah ngajauh ti eta tempat, si aki teu cicing bae, geuwat indit, boga pamaksadan rek ngalaporkeun kajadian eta ka kapala desa di dinya. Si aki cumarita ngadukeun eta perkara teh, tapi lain kalah nulungan malah si aki dibere beja titak balik ka imahna jeung cicing di handap bukit seperti maranehna.


Mani kacida si aki ngadenge eta jawaban teh, teu disangka geuning jalma-jalma di dinya oge milu kalibat dina eta kagiatan teh.

Dina kaayaan sumedih jeung kuciwa ahirna si aki ngaleos indit leumpang ka imahna. Di sapanjang lalangkahana si aki emut ka mangsa tukang di mana harita manehna jeung babaturana sok arulin di eta bukit.

Rea kacida sasatoan nu bisa dipikapanggih di dinya kayaning manuk, uncal, kalenci jeung sajabana di leuweung eta the, tapi kiwari jaman geus robah, leuweung geus jadi gundul, sasatoan geus teu barogaeun patempatan.

Perkara nu matak pikasediheun manehna nyaeta di mana tos teu aya deui barudak ngora nu teu malire atawa teu paduli kana alam saperti ngariksa kana leuweung. Sanggeus lalampahan sakitu lilana, si aki ahirna nepi ka imahna. Si aki neangan cara sangkan kumaha carana ngereunkeun eta kagiatan nuaran tangkal teh.

“Ayeuna kuring geus moal bisa ngeureunan eta jalma-jalma nu nuaran tangkal, mun kitu kuring rek melakan bibit tangkal bae, jadi mun manehna nuar hiji tangkal, kuring rek melak bibit sapuluh siki,” geretes na jero hate.

Ti poe eta oge si aki mulai melakan tatangkalan di sakitaran imahna, poe geus ngaganti poe, tatangkalan di luhur bukit oge geus mulai beak, tatangkalan nu dipelak si aki oge laleutik keneh.

Mikin ka dieu nu nuaran tangkal kiwari geus marake mesin nu leuwih canggih. Teu kungsi sabulan, bener wae tatangkalan di luhur bukit the geus laludes.

Ahirna nepi oge hiji poe nu nyieun pikasedehieun. Di poe eta hujan turun teu eureun-eureun, nepi tilu poe tilu peuting lilana. Basa peutingna si aki keur sare, si aki ngadenge sora ngagumuruh gede kacida ti kajauhan. Ku bakalting tunfuh da kacapean urut melak tatangkalan keur sorena si aki leos sare deui tibra.

Isukna si aki mani kacida reuwasna ninggali di sakitaran imah taneuhna geus arambles kabeh lajeung si aki nempo ka arah padamukan nu aya di handap bukit. Si aki nempo pamandangan nu kacida pikasediheuna, desa-desa padamukan geus rata ka ibun ku taneuh urug.

Si aki ngarasa sedih yen usahana nu dilakukeuna teu bisa nyegah kana bencana taneuh urug. Sanajan kitu si aki ngucapkeun sukur sabab manehna hiji-hijina jalma nu salamet ti kajadian eta.

“Lain alam nu salah, tapi jalema nu salah,” kitu ceunah gerentesna.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel