-->

carpon teu damang aki

Teu Damang Aki

(Karya: Surtikanti)

Teu damangna Aki nu ayeuna mah geuning siga nu repot. Upami ngobrol, sakedap ogé dina telepon, sok teras gohgoy. Malah basa abdi ngalayad ka bumi Aki, ari tos gohgoy téh geuning sok teras ngaludah kana botol kosong tilas minuman. Biasana mah upami abdi sareng Jati ameng ka bumi Aki, abdi duaan sok diajak jalan-jalan ka kebon bari teras maraban lauk di balong. Aki mah jarang teu damang. Upami teu damang téh paling flu biasa. Tapi, teu damang Aki nu ayeuna mah katingalina rada répot.

Abdi sareng Jati ngajak ka balong ogé tara kersaeun. 

“Sok énggal cape Aki téh ayeuna mah, mapah sakedik ogé,” saur Aki, basa ku abdi diajak maraban lélé di balong. 

“Ih….gegelutan mah teu tiasa atuh Aki téh, komo,” saur Aki bari gumujeng, basa Jati keukeuh ngajak gegelutan sapertos biasana.

Dina hiji dinten, énjing-énjing sateuacan arangkat damel, Ayah sareng Ibu sasauran cenah uih didamel bade teras ka bumi Aki.

“Bilih Aki téh kedah dirawat,” saur Ibu.

“Dirawat téh naon, Bu?” Jati naros.

“Dirawat téh dilandongan di rumah sakit, tapi Akina kedah bobo di ditu,” saur Ayah.

“Ari Éni kumaha atuh…? Pami Aki di rumah sakit mah, atuh Éni di bumi nyalira?” saur abdi émut ka Éni.

“Moal…puguh Éni téh piwarang ngaréncangan di rumah sakit.

Tah, bilih Éni repot ngaréncangan nyalira, Ibu sareng Ayah, engké uih ti padamelan bade ngalereskeun heula Aki ka rumah sakit. Nyai sareng Jati antosan heula sareng Bi Éni nya! Saur Ibu.

“Upami rada wengi, barobo heula wé di bumi Bi Ani, nya? Engké Ayah uih, dipangkon,” saur Ayah.

Dugi ka sonten. Enya wé leres. Ayah sareng Ibu téh teu acan uih. 

Dugi ka wengi, basa abdi tos tunduh pisan, teu acan uih kéneh waé.

“Bobo wé Nyi, tunduh mah. Apan saur Ayah, upami bobo ogé engké dipangkon dicandak uih,” saur Bi Ani ka abdi, basa ningali abdi ngerelek waé.

Subuh-subuh, basa abdi kagugahkeun ku alarm hand phone, Ayah nuju bobo sareng Jati. Malah Ibu mah nuju ngetik. Naskah kintunkeuneun ka Manglé sigana mah.  

“Nyai, dieu geura. Tuh tingali, aya poto Aki nuju bobo di rumah sakit. Ku Bibi tadi wengi dilebetkeun kana facebook,” saur Ibu bari ngiserkeun laptopna ngarah langkung jelas katingalna ku abdi.

Euleuh…geuning enya, leres. Teu damang Aki anu ayeuna mah meni kedah dugi ka dikitu. Dina panangan aya selang, kana pangambung aya anu dilebetkeun.

“Anu nganteng dina pananganana, éta téh selang infus, Nyai…..tah,

upami anu dilebetkeun kana pangambung éta mah selang oksigén.”

“Infus téh naon, Bu?”

“Infus téh cai gegentos tuangeun sareng leueuteun Aki, ambéh salirana angger aya tanagaan. Upami oksigén, apan kanggo mantuan

kalancaran pernafasan Aki,” saur Ibu deui.

“Kunaon kitu Bu, Aki téh? Abdi beuki panasaran.

“Kawitna pisan mah, pédah Aki sedep ngaroko. Janten, kedahna mah jalmi téh teu kénging ngaroko. Haseup roko téh lami-lami mah bakal ngareksak paru-paru, Aki ogé janten sesek napas. Jadi tiasa ngaganggu ogé kana jantungna. Saur dokter mah, jantung Aki téh tos aya pembengkakan. Rada bareuh, Nyai….,” saur Ibu, bari jiga anu badé nangis. Euleuh…geuning nyaah wé nya….roko téh ngabahayakeun kaséhatan. Aki anu kapungkur mah sok kiat ngagandong abdi….

ayeuna mah tos teu tiasaeun ngagandong Jati-Jati acan. Padahal Jati mah apan genep taun gé acan. Janten abdi percanten yén meroko téh dapat mengganggu keséhatan. Kabuktosan, teu damangn Aki ogé ku alatan seueur teuing nyesep.***


di kutip dari buku bahasa sunda kelas 5 halaman 83 

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel