kecap bilangan bahasa sunda
kecap bilangan / kalimah bilangan nyaeta kecap nu nuduhkeun jumlah.
aya kecap bilangan hijian saperti
hiji, dua, tilu, nepika sapuluhan.
aya kecapt bilangan puluhan seperti sawelas, dua welas, nepika duapuluh. jst
21 sok disebut salikur, 22 sok disebut dualikur, 25 disebut lima likur atawa salawe, nepika dua 29 diucapkeuna salapan likur. 12 disebut salosin, 60 disebut sawidak.
kalimah nu caritaana mangrupa kecap bilangan disebutna kalimah bilangan: contohna :
1) sapatuna dua rampasan
2) jumlah siswa sakelasna 35 urang
aya oge kalimah bantu bilangan contohna :
Bapak meser peteuy sapapan
contoh lain :
Awi : saleunjeur (satangkal)
Awi : sadapur
Awi : Saruas
Bangsal : sacangi (sasiki)
Bawang : sasihung (sasiki)
Beas : sacanggeum (sakeupeulan leungeun)
Bilik : sailab (sagebing)
Boeh : sarirang (tilu iket)
Cai : sakeclak
Cau : sasikat
Cau : saturuy (sababaraha sikat)
Daun :saponggol (sagagang daun)
Daun : sakompet (sababaraha ponggol)
Eurih : sajalon
Gula Kawung : sabebek (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
Gula Kawung : sagandu (2 bebek)
Hayam : sajodo (bikang jeung jagona)
Injuk : sakakab
Jahe : sarempang
Jambe : samanggar
Japati : sajodo
Kalapa : sahulu
Kalapa : samanggar
Kaso : sadapur, saluwuk
Kebon : sapetak
Kertas : salambar
Koneng : sasolor
Manjah : sadapur, saluwuk
Munding : sarakit (2 munding)
Muncang : sadampa
Nangka : sacamplung (sasiki)
Pakean : sapangadeg
Papan : salambar
Pare : saranggeuy
Peuteuy : sapapan
Peuteuy : sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
Peuteuy : saempong (sababaraha hanggor)
Salak : samanggar
Samak : saheulay
Samping : sakodi
Sangu : sapiring
Sangu : sabakul
Sawah : sakotak
Suluh : sahurun (sabeungkeut)
Tambang atawa Tali : sabatekan
Tempe : Sagebing
Uyah : sahuntu (saguruntul, kira-kira sagede huntu)
Uyah : sagandu, sabata
haturnuhun
