maham eusi kawih ngeunaan pahlawan
Teu honcéwang sumoréang
tékadna pahlawangagasa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur kemah cai
lalirabu tur tega pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka.diring.
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa
Dicutat tina buku Ganda Mekar
karya Koko Koswara,1995)
Pikeun maham eusi rumpaka kawih di luhur, pék jawab ieu pananya
di handap.
Untuk memahami isi lirik kawih di atas, jawablah pertanyaan di bawah ini.
1) Naon téma kawih di luhur téh?
2) Saha nu nyanggi éta kawih?
3) Ceuk éta kawih, kumaha watek atawa sipat pahlawan?
4) Keur saha pahlawan bajuang téh?
5) Ari pahlawan bajuang ngabéla naon?
6) Saha waé pahlawan Sunda téh? Asalna ti daérah mana?
7) Kumaha tékadna pahlawan téh?
8) Hal naon waé nu karasa ku hidep sabada ngahaleuangkeun kawih
di luhur?
9) Pahlawan mah teu ngingetkeun ka dirina, tujuanana asal kumaha?
10) Ari urang kudu boga sipat cara pahlawan atawa henteu?
Naon alesanana?
Pangajaran 1 Nyukcruk É
