materi babasan sunda kelas 6 semester 1
Memaknai Ungkapan Kata dari Teks
Titénan conto babasan dina cutatan ieu di handap.
Amatilah contoh ungkapan kata pada petikan di bawah ini.
1. Dina nyanghareupan lawan lawanna, Oto teu gedag bulu salambar Anjeunna kungsi nyebutkeun yen Indonésia pasti merdéka. Naha Walanda rék indit sorangan atawa serah bongkokan ka bangsa Indonésia Tina cutatan téks di luhur, aya dua gundukan kecap anu disebut babasan. Éta gundukan kecap téh, nyaéta
1. teu gedag bulu salambar
Hartina: henteu sieun saeutik ogé.
2. serah bongkokan
Hartina: taluk ka lawan bari diringkeun laleumpang lantaran éléh.
Éta dua gundukan kecap téh disebutna babasan (ungkapan kata).
Babasan nyaéta gundukan kecap anu ngandung harti injeuman (kiasan).
Babasan téh jumlahna kaitung réa.
Pék geura titénan ku hidep conto séjénna.
Ayo, coba carilah oleh kalian contoh lainnya.
1) ahli leleb = beuki barang daha
2)akal koja =akal jahat
3) amis budi = marhmay
4)asa bucat bisul = ngarasa lugina sanggeus réngsé gawé beurat
5) atah adol = kurang ajar
6) aya bagja teu daulat = teu tulus meunang bagja
7) beurat birit = kedul, hésé dititah
8) béak déngkak = geus béak tarékah
9) bodo aléwoh= bodo tapi daék tatanya, ahirna jadi bisa
10) gedé hulu= sombong
latihan
Pasangkeun babasan kana wawaran nu disadiakeun
1. Si lbro mah teu dialakuran ku batur sakelasna sabab
2. Néni mah_,teu kaop diheureuyan, babarian ceurik.
3. Manéhna mah __,disindiran ogé hare-haré wé.
4. Maman mah getol jeung _,henteu hésé dititah.
5. Ari boga kahayang téh kudu _,ayeuna hayang ayeuna kudu aya.
6. Yuga mah __,isuk-isuk kénéh kudu geus dahar deui.
7. Néng Eulis mah_tur soméah pangna pada mikaresep ogé
8. Bilmi mah __, teu bisa nyimpen artos.
- hampang birit
- lésang kuras
- pok torolong
- gedé hulu
- Ipis biwir
- peujit koréseun
- kandel kulit beungeut
