-->

bahasa sunda materi ngenaan pagawean

1. Naon ari tugas utama masinis, pilot, jeung nakoda?

jawab : 

Tugas utama masinis nyaéta ngajalankeun karéta api.

Tugas utama pilot nyaéta ngapungkeun kapal terbang.

Tugas utama nakoda nyaéta ngajalankeun kapal cai.


2. Ari nu tugasna di sakola saha waé?


Anu tugasna di sakola nyaéta: guru, kapala sakola, tata usaha, pesuruh sakola, satpam.

3. Ari anu tugasna di rumah sakit saha waé?

jawab : 

Anu tugasna di rumah sakit nyaéta dokter, jururawat, patugas apoték, tata usaha, satpam, tukang parkir.



4. Ari hakim jeung jaksa di mana tugasna?

jawab : 

Hakim jeung jaksa tugasna di pangadilan.



5. Naon ari tugas utama wasit?

Tugas utama wasit nyaéta mingpin pertandingan olahraga.

6. Saha waé anu tugas utamana patali jeung jual-beuli?

jawab : 

Anu tugas utamana patali jeung jual beuli nyaéta padagang jeung nu balanja.


7. Saha waé anu tugasna di kantor kalurahan/désa?

jawab : 

Anu tugasna di kantor kalurahan nyaéta lurah (kapala désa), jurutulis (sekretaris), lebé, tata usaha, satpam.

8. Naon disebutna anu tugasna nganteurkeun surat?

jawab : 

Anu tugasna nganteurkeun surat nyaéta tukang pos atawa pasuratan.



9. Naon ari anu dipigawé ku tukang cukur jeung tukang ngaput?

jawab : 

Anu dipigawé ku tukang cukur nyaéta nyukuran, 

ari anu dipigawé ku tukang ngaput nyaéta nyieun papakéan.



Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel