rangkuman B. Sunda Materi Ujian sekolah
Bahasa loma |
Bahasa kanggo ka kasorangan |
Bahasa lemes keur ka batur |
Bahasa Indonesia |
Boga |
Gaduh |
Kagungan |
Punya |
Dahar |
Neda |
Tuang |
Makan |
Abus |
Lebet |
Lebet |
Kedalam |
alus |
sae |
Sae |
Bagus |
Arek |
Bade |
Bade |
Seja |
Contoh jang ka sumureun / babaturan
“urang mah boga Hp anyar”.
Bahasa kanggo ka kasorangan
“abdimah gaduh HP anyar”
Bahasa lemeus keur ka batur
“bapak kagungan HP ?”
Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti carita pondok atawa carpon jeung novel. Salah sahiji ciri anu utama tina dongeng nyaeta caritana anu pamohalan atawa teu asup kana akal, saperti aya sato atawa tutuwuhan anu bisa ngomong. Tapi justru kusabab caritana pamohalan, dongeng sok dipikaresep ku barudak.
carpon nyaeta Karangan winangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok
BIANTARA
Biantara nyaeta Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma réa
a. Bagian bubuka (bagian anu esina ngawengku salam pamuka jeung panganteur kana eusi biantara)
Contoh salam pembuka jeung salam penghormat:
Assalamualaikum warahmatullahi wabarokatuh
Sampurasun !
Ibu-ibu sinareng bapa-bapa guru nu ku simkuring di pihormat.
barudak nu ku bapa dipikadeudeuh.
Contoh bagian panganteur eusi biantara
Tangtu bae ibu-ibu sareng bapa-bapa guru, kitu deui barudak sadaya heran. Ari sababna, biasana upacara teh diayakeun tiap dinten senen atawa tiap kaping 17. Ayena teh kaping 12 november. naha diayakeun upacara ? sadayana kedah uninga yen dinten ayena teh poe kasehatan nasional atawa hari kesehatan Nasional (HKN) dina raraga mieling poe kasehatan nasional , bapa bade ngadugikeun jejer ngeunaan "pentingna kasehatan pikeun kahirupan masyarakat.
B. Bagian eusi biantara (bagian anu jadi inti tina biantara)
Naon ari sehat teh? sehat teh dina basa sunda mah disebut cageur, nyaeta kondisi panghadena tina awak, mental, jeng sosial nepi ka urang biasa lumaku atau barang gawe. katempona awak sehat teh tina jagjag watringkasna awak lamun awak urang jagjag sehat waringkas hartina urang teh ker sehat atawa cageur.
Dina palasipah urang sunda, cageur teh nempatkeun tuntuyan kahiji. Kapan aya ungkara babasan : cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
…………………………………….………………………
C. Bagian penutup (eusina kacindekan jeung salam penutup)
Kacindekan biantara :
Pamungkas aya sawatara rusiah nu rek di bolekerkeun pikeun miara kasehatan awak bari haratiskahiji, nyadiaken waktu.Sadiakeun waktu keur olahraga, teu kudu olahraga mahal, aya olaraga nu murah nyaeta lelempangan jeung lumpatan.
………………………………
Contoh salam penutup biantara
Sakitu wae biantara ti bapa mugi-mugi wae aya mangpaatna. Wassalamualaikum warahmatullahi wabarokatuhPARIBAHASA JEUNG BABASAN
Paribasa nyaeta gundukan kecap anu runtuyana anger atawa matok tur ngandung harti injeuman atawa babanding lambang kahirupan.
contoh :
dagang peda ka Cirebon
Hartina :dagang barang ka tempat nyieuna atawa tempat asahna
Hartina:
modal dagangna gede, ari nu dijual jeung batina saeutik
elmu tungtut, dunya siar
Hartina:
hirup kudu neangan elmu jeung harta pikeun asalametan dunya
legok tapak , genteng kadek
Hartina:
jalma anu rea panlamanana
héjo lémbok artina Subur tur loba rejeki
panjang leungeun artina sok puak paok
gede hulu hartina sombong
goong nabeuh maneh hartina nyombongkeun diri sorangan
WAWANCARA
Wawancara nyaeta Kagiatan Tanya jawab antara nu ngawawancara
jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi
Antonym nyaeta lawan kata
kalimah pasip & kalimah aktip
(1) Mamah nuju ngupahan Hélmi.
(2) Hélmi nuju diupahan ku Mamah.
Kalimah (1) disebut kalimah aktip lantaran jejerna (Mamah) ngalakukeun pagawean.
Ari kalimah (2) disebut kalimah pasip lantaran jejerna (Helmi) kakeunaan pagawéan.
Robahna kalimah aktip (1) jadi kalimah pasip (2), nyaeta jejer (Mamah) jadi obyék, sarta obyék (Hélmi) jadi jejer. Jaba ti éta, robahna wangun caritaan, tina kecap pagawéan ngupahan jadi diupahan.
Pupuh
Pek regepkeun pupuh dihandap
pupuh kinanti
- he barudak kudu hirup rempubng jangkung (padalisan ka 1)
- jeung pada batur ngahiji (padalisan ka 2)
- samiuk jeung dulu-dulur (padalisan ka 3)
- teu binarung goreng pikir (padalisan ka 4)
- komo bari olo-olo (padalisan ka 5)
Guru lagu jeung guru wilangan nyaeta aturan nu biasa digunakeun dina puisi, saperti pupuh. Guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh.
- he barudak kudu hirup rempubng jangkung (12u)
- jeung pada batur ngahiji (8i)
- samiuk jeung dulu-dulur (8u)
- teu binarung goreng pikir (8i)
- komo bari olo-olo (8o)
geus dipasti ku jangji
mun tacan laksana
numpes musuh sarakah
heunteu niat seja balik
najan palastra
mati di medan jurit
pupuh durma nggambarkeun amarah
gunan pikeun nanyaken jalma, pangeran, malaikat jeng jin
contohna :
saha pangeran anjeun ?
tisaha eta bejana ?
kusaha balpen di tambut ?
gunana pikeun pilihan
mana baju nu alus jang ka pesta ?
Pesak numana nu aya artosan ?
3. timana, kamana, dimana
gunana pikeun nanyakeun tempat asal, tempat tujuan jeng tempat ayana
timana anjeun nembe uih ?
kamana anjeun minggu payun ?
dimana anjeun sumpingna ?
4. naon
gunana pikeun nanyakeun hal, barang , atau tutuwuhan
naon ngaran barang ieu?
gunana pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan
contohna
kumaha cara nyieun bakso goreng ?
6. sabaraha
gunana pikeun nanyakeun harga, jumlah jeng bilangan
contohna :
sabaraha harga HP samsung ?
sabaraha jumlah murid kelas 6 ?
7. kunaon, naon sababna, naha
gunana pikeun nanya sabab atawa kalakuan
contohna
1. kunaon Budi minggu kamari teu asup ?
2. naon sababna Budi kamari teu asup?
3. naha Budi make nyeri beuteung ?