-->

bahasa sunda kelas 6 materi Memahami teks deskripsi tentang globalisasi

Dalam pembelajaran bahasa sunda kali ini (dikelas 6) kita akan belajar mengenai kompetensi dasar tentang 3.4 Memahami teks deskripsi tentang globalisasi. 

kalian akan membaca sebuah teks berkenaan dengan globalisasi dalam bahasa sunda. berikutnya, kamu harus menjawab soal yang ada setelah pertanyaan. tulislah soal dan jawaban dibuku catatanmu. 

sebelum membaca teks, terlebih dulu kalian akan mengenal beberapa istilah yang nanti muncul pada teks agar kalian paham terhadap isinya. 

NGAPALKEUN HARTI KECAP
Dina bacaan aya sawantara kecap anu bisa jadi hidep teu paham maksudna atawa hartina. Pek apalkeun!
1. medar = nerangkeun
2. peta = gambar tanah, wewengkon
3. titiron = tina tirtiruan, lain anu asli, lain nu saenyana
4. ngawengku = ngurung, nyakup
5. heureut = sempit
6. mulan-malen = mangbulan-bulan, sababaraha bulan
7. raket = deukeut
8. internet = internet wancahan tina “interconnection networking” nyaeta jaringan komputer anu nyambung ka sakuliah dunya
9. akses = jalan asup
10. fasilitas = sarana pikeun ngalancarkeun dilaksanakaeunana hiji hal atawa pagawean
11. ambahan = anu bisa kahontal, anu bisa kadongkang
12. luang = lolongkrang, pangalaman
13. mahabu = pohara ngagalaksakna
14. kasilihkeun = kaelehkeun, kadeseh


bacalah teks berikut dengan baik dan benar !

PANGARUH GLOBALISASI

Samemeh medar ngeunaan pangaruh globalisasi, urang pedar heula ngeunaan harti kecap globalisasi.
Ulah nepikeun ka nyaho kana kecapna, lantaran mindeng ngadenge atawa maca, tapi henteu nyaho kana maksudna.Hidep oge tangtu apal kana globe mah nya?
Enya eta, peta bumi anu buleud saperti bal, mangrupa titiron tina planet bumi, tempat urang cicing ayeuna.
Tah, tina kecap globe nurunkeun kecap global anu ngandung dua harti.
Kahiji, ngandung harti “sacara umum”.
Kadua, ngandung harti “aya patalina jeung dunya sarta ngaweungku sakuliah dunya”.
Tina kecap global nurunkeun deui kecap globalisasi anu ngandung harti “asup kana lingkungan dunya”.
Maksudna mah, dina campur gaul bae upamana, urang henteu ngan saukur gaul jeung batur salembur atawa sanagara, tapi jeung bangsa-bangsa anu aya di sakuliah dunya.
Kiwari disebut-sebut mangrupa Jaman Globalisasi, dunya teh karasa beuki heureut bae.
Lain dunyana anu ngaleutikan, tapi lantaran kiwari jarak anu sarua bisa dihontal ku waktu anu leuwih sakeudeung.
Contona bae anu jarah ka Mekah. Baheula, jaman uyut urang, anu jarah ka Mekah teh di jalanna bae bisa nepi ka sabulan, lantaran tumpak kapal cai. Tapi kiwari di Jakarta ka Mekah teh bisa ngan salapan jam, teu sapoe-poe acan, lantaran tumpak kapal udara.
Kitu deui ka tempat-tempat sejenna anu aya di luar negri saperti ka Eropah atawa ka Amerika. Teu kudu mulan-malen kawas baheula. Globalisasi muncul raket patalina jeung kamekaran tehnologi.
Anu karasa pisan mah dina widang informasi. Komo sanggeus aya internet.
Urang bisa nyaho kajadian di mana bae di sakuliah dunya ngaliwatan internet.
Henteu lila deuih. Malah bisa jadi harita keneh. Urang oge bisa ngayakeun hubungan jeung saha bae, urang mana bae, di mana bae ayana, ngaliwatan internet. Komo deui ayeuna, urang bisa ngakses internet tina hape.
Sarta beuki dieu teh fasilitasna beuli lengkep tur gampang deuih.
Pangaruh globalisasi teh, aya alusna jeung aya gorengna deuih.
Alusna, urang jadi leuwih loba kanyaho jeung pangaweruh, leuwih lega ambahan campur gaul, jeungleuwih loba luang pikahareupeun.
Gorengna, babari asup jeung nerekabna pangaruh budaya deungeun, anu henteu saluyu jeung budaya bangsa urang. Malah bisa jadi ku mahabuna budaya deungeun, budaya urang sorangan kasilihkeun. Padahal urang miboga budaya anu kawilang beunghar. Tah, eta kabeungharan budaya teh mangrupa kaunggul bangsa urang pikeun bersaing jeung bangsa sejen dina mangsa globalisasi. Lebar lamun budaya urang nepi ka laleungitan teh nya.
Sumber : MIDA DAMI, Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SD/MI Kelas VI, Drs. Taufik Fatirohman, spk.

jawab pertanyaan di bawah ini !
1. Naon anu disebut globe teh?
2. Naon bedana harti kecap globe jeung global?
3. Naon anu dimaksud globalisasi teh?
4. Kiwari mah dunya teh karasa leuwih heureut. Cik terangkeun naon maksudna eta kalimah teh?
5. Naon bedana lalampahan jaman baheula jeung jaman ayeuna? Sebutkeun contona!
6. Naon anu ngalantarankeun munculna Jaman Globalisasi teh?
7. Dina widang naon anu karasa pisan pangaruh globalisasi teh?
8. Kumaha kamekaran tehnologi dina widang informasi kiwari?
9. Naon pangaruh alusna globalisasi pikeun urang?
10. Naon pangaruh gorengna globalisasi pikeun urang?

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel