materi bahasa sunda kelas 6 semester 1 mikawanoh teks riwayat hirup

Mikawanoh Teks Riwayat Hirup

Téks anu dibaca ku hidep téh disebutna riwayat hirup (biografi). Istilah biografi asalna tina basa Yunani (bio = 'hirup' + graphy = 'tulisan'). Biografi atawa riwayat hirup nyaéta téks anu eusina nyaritakeun lalampahan hirup hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu suksés dina kahirupanana. Riwayat hirup bisa ngahudang sumanget atawa kahayang jalma lian nu macana pikeun nurutan jalan hirup tokoh anu dicaritakeun. Riwayat hirup hiji jalma ditulisna ku jalma lianna atawa ku batur. Wangunna bisa fiksi bisa ogé nonfiksi.

Jaba ti riwayat hirup jalma, aya ogé riwayat hirup pribadi atawa autobiografi. Ditulisna ku diri sorangan. Eusina nyaritakeun lalampahan kahirupan diri pribadi.

Riwayat hirup téh aya anu ukuran pondok aya anu panjang. Dina buku-buku bagian jilid tukang sok aya riwayat hirup pangarangna, ilaharna ukuranana pondok, ukur satengah nepi ka sakaca. Aya deui riwayat hirup anu ukuran panjang dina wangun buku. Aya sawatara buku biografi, saperti Biografi Pahlawan Asal Jawa Barat dikumpulkeun ku Budi Rahayu Tamsyah (Geger Sunten, 1993), Nu Maranggung dina Sajarah Sunda dikumpulkeun ku Édi S. Ékajati (Pusat Studi Sunda, 2006), jeung 9 Pahlawan Nasional Asal Jawa Barat dikumpulkeun ku Nina H. Lubis (Lemiit Unpad, 2006).

Boh pondok boh panjang, téks riwayat hirup umumna ngawengku sababaraha hal. Unsur-unsur teks Riwayat hirup, di antarana waé:
(1) ngaran, padumukan, titimangsa lahir;
(2) inpormasi kulawarga;
(3) riwayat atikan;
(4) riwayat gawé;
(5) préstasi hirup;
(6) kajadian gedé salila hirup;
(7) jasa-jasa jeung peran salila hirupna; jeung
(8) pangajén (penghargaan)