nganasisis kalimah pananya dina carpon materi kelas 6 semester 2
Ayeuna urang diajar kalimah pananya dina carpon.
carpon ngandung kalimah pananya , hideup kantos maca carpon kerad kenur. dina carpon eta aya salah sahiji kalimah pananya contohnya kieu.
"sora naon eta nu cit-citan, A rezel?" ceuk Yumna nanya.
cutatan dina kalimah diluhur teh disebutna kalimat pananya. kalimah pananya teh nyaeta kalimah anu esuina nanyakeun hiji hal sarta miharep jawaban ti batur.
tiap - tiap kalimah pananya ngabogaan fungsi jeung harti nu beda. pek gera tengetan.
1. saha, (ku, ti, ka) digunakeun pikeun nanyakeun jalma, pangeran, malaikat jeung jin.
contoh : Ku saha tugas eta di damelan ?
2. mana (nu, di, ti, ka) digunakeun pikeun nanyakeun tempat asal, tempat tujuan, jeung tempat ayana.
nu mana = "Ujang resep nu mana ?"
dimana = "dimana buku di simpenna?"
timana = "atos timana ?"
kamana = "kamari liburan kamana?"
3. naon, (ku, tina, kana) digunakeun pikeun nanyakeun hal, barang , alat, tutuwuhan, sasatoan jeung sajabana
kunaon = "kunaon kamari teu kasakola ?"
tina naon = "tina naon dijieuna peuyeum teh ?"
kana naon = "kana naon angkatna ka Palabuanratu teh ?"
4. kumaha digunakakeun pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan
contoh : kumaha carana ngadamel martabak ?
5. sabaraha jeung sakumaha pikeun nanakeun harga, jumlah atawa bilangan
contohna : sabahara harga sapatu eta ?
sakitu nu kapihatur. sok hideup diajar nyieun kalimah sorangan dina kalimah pananya diluhur supados bisa.
