-->

materi bahasa sunda semester 2 carpon

Ngaidéntifikasi Wangun jeung Adegan Carpon

Carpon téh pondokna tina carita pondok. Ari carita pondok téh, nyaéta karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok. Ukuran pondok dicirian ku jumlah kecapna 5.000-7.000. Najan bisa jadi, réa nu leuwih pondok ti dinya. Ari sababna, ukuran pondok di dieu mah rélatif, teu jadi ukuran anu tangtu. 

Jalan carita dina carpon umumna sajalur, henteu pajurawet. Latar kajadian carita digambarkeun saeutik pisan, waktu kajadianana sakeudeung. Palakuna ogé tara réa. Disusun dumasar kana kahirupan nyata. 

Ku lantaran pondok, carpon umumna dimuat dina koran atawa majalah. Carpon basa Sunda anu mimiti dimuat dina majalah Parahyangan taun 1920. Sapuluh taun ti harita, taun 1930 muncul buku kumpulan carpon munggaran, nu judulna Dogdog Pangréwong karya G. Sastradireja. 

Ayeuna mah, carpon réa dimuat dina majalah Manglé. Jaba ti ajangkeuneun nu maca déwasa, dina rubrik Manglé Alit aya carpon-carpon keur barudak.

Najan wangunna pondok, carpon ngabogaan unsur-unsur carita saperti téma, palaku, latar, galur, jeung amanat.
(1) Téma, nyaéta jejer atawa gagasan nu ditepikeun ku pangarang dina karyana.
(2) Palaku, nyaéta tokoh nu ngalalakon atawa nu dilalakonkeun dina carita,
(3) Latar, nyaéta waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina éta carita, kaasup latar suasana kajadian carita.
(4)Galur, nyaéta jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita.
(5) Amanat, nyaéta hal nu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel