contoh carpon sunda materi kelas 6 semester 2
Pada kesempatan kali ini kita akan membaca cerita pondok dalam materi semester 2 kelas 6 cerita ini berjudul kerad kenur yang diambil dari buku sumber kelas 6 kurikulum merdeka Pangrumat Basa Sunda SD/MI Kelas VI
Geleber... teup lima manuk piit téh eunteup dina paré nu geus ruhruy pibuateun. Da paré nu keur meuhpeuy konéng téh keur maranéhna mah éstu kadaharan nu kacida dipikaresepna. Mémang mun paré keur meuhpeuy koneng mah, di sawah téh sok réa manuk, lain bae pit, tapi titiran jeung japati ogé aya.
Keur anteng maranéhna nyisilan siki paré, geleber haliber lantaran Rézel jeung Yumna ngalaliwat ka sisi sawah lebah dinya. Duanana curinghak sabab kadéngéeun ku maranéhna lebah dapuran paré aya sora cit-citan.
Yumna nanya ka lanceukna. "Sora naon éta nu cit-citan, A Rézel?"
ceuk Yumna nanya. "Hééh. Kadéngéna mah ti dapuran paré beulah dinya, tah," ceuk Rézel bari ngarérét ka Yumna.
"Hayu urang téangan!"
"Nam,"ceuk Yumna. Tuluy duanana gancang
turun, muru dapuran paré deukeut kokocoran. Bréh téh ...enya wé aya anak manuk titiran keur
cindeten bari cit-citan. Lebah sukuna aya kenur meulit. Katémbong teu walakaya lantaran kenur
téh sabeulah kana suku beulah katuhu, sabeulah deui kana jangjangna.
"Euh...aya anak manuk titiran geuning, Yum!"
"Enya...A, sukuna kaeurad ku kenur langlayangan sigana mah.'
Anak titiran téh tuluy dicokot ku Rézél, dibawa ka imahna.
"Deudeuh teuing, titiran... Kumaha pangna manéh kaeurad kieu?"
ceuk Rézél ngomong ka titiran. Tapi da puguh titiran mah teu bisa nyarita, pananya Rézel téh henteu dijawab ku titiran.
Datang ka imah, Rézel jeung Yumna tuluy nyokot péso jeung pipiti. Nyokot péso téh maksud keur ngeureut kenur tina suku manuk titiran. Ari pipiti rék dipaké wadah keur tempat cicingna titiran.
Barang keur mawa péso jeung pipiti, Mamahna Rézel ngagorowok.
"A Rézel, kanggo naon péso sareng pipiti?"
"Nambut sakedap Mah, kanggo ngeureut kenur'
"Naha aya kenur ti mana kitu?" ceuk Mamahna
"leu mah dina suku manuk titiran." Rézel ngajawab.
Rézel jeung Yumna diuk arandékak, nyanghareupan manuk titiran.
Tuluy kenur anu meulit dina suku manuk titiran téh dikeureut ku Rézel Manuk titiran téh ditangtungkeun dina pipiti nu geus ditilaman ku keretas koran, tapi teu bisaeun nangtung. Sigana sukuna masih titingkuheun kenéh urut kaeurad ku kenur langlayangan. Suku manuk titiran téh diusapan ku Rézel bari ditiupan. Katempoeun ku manéhna yen suku manuk titiran téh rada geuneuk urut beulitan kenu téa. Sanggeus rada lila diusapan jeung ditiupan mah, manuk titiran téh rada bisaeun nangtung. Ngan nangtung mah henteu, kedeprek deui bangun nu nyerieun kénéh.
Rézel jeung Yumna karunyaeun pisan ningali kaayaan manuk titiran kitu téh. Tuluy Rézel nitah Yumna nyokot cai atah keur nginum manuk titiran. Jung Yumna nangtung, léos ka dapur, rék nyokot cai tina keran, keur nginum manuk titiran.
Manuk titiran téh diinuman ku Rézel. Katempona siga nu hanaangeun pisan. Sanggeus diinuman, manuk titiran katémbong rada jagjag. Teu kudu ditangtungkeun ogé, manuk titiran téh bisa nangtung sorangan. Samalah bisa leuleumpangan.
Nempo kaayaan manuk titiran kitu, jung Yumna nangtung. Tuluy indit ka pawon, maksudna mah rék nyokot béas keur parab manuk. Barang keur nyokot béas tina Cosmos, ku Mamahna digeunggeureuhkeun.
"Yumna, kanggo naon éta béas?"
"Kanggo manuk titiran, Mah, karunya lapareun."
"Ulah seueur teuing, lebar bilih mubah," ceuk Mamahna.
"Henteu ieu gé, Mah, mung sacanggeum,"jawab Yumna bari ngaléos ka luar, muru ka lanceukna nu keur nungguan manuk titiran. Béas téh diawurkeun kana jero pipiti ku Yumna. Saeutik-saeutik
dipacokan ku manuk titiran. Lila-lila mah manuk titiran nyorokcok macokan béas. Katémbongna siga nu lapareun pisan. Rézel jeung Yumna aratoheun nempo manuk titiran jagjag deui.
"A Rézel, mun manuk titiran geus jagjag pisan mah urang leupaskeun deui, nya, karunya?" ceuk Yumna nanya ka lanceukna.
"Enya, maksud A Rézel ogé kitu. Ayeuna mah urang paraban heula sina nepi ka jagjag. Engké geus jagjag urang leupaskeun deui. Di dinya wé urang simpen dina dahan tangkal jambu di hareupeun imah," ceuk Rézel binarung ku kanyaahna kana manuk.
Pikeun maham eusi téks carpon, jawab pananya ieu di handap.
1. Ku naon manuk piit téh tinggeleber haliber?
2. Manggihan naon Rézel jeung Yumna?
3. Ti mana kapanggihna manuk titiran téh?
4. Kumaha kaayaan manuk titiran téh?
5. Dibawa ka mana manuk titiran?
6. Kumaha sorana manuk titiran basa kapanggih ku Yumna?
7. Kumaha sorana manuk titiran téh basa kapanggih ku Yumna?
8. Kumaha manuk titiran basa dibéré beas?
9. Manuk titiran téh mun geus jagjag mah rék dipeuncit.
□ Satuju
□ Teu satuju
Alesanna:
10.Kuduna mah, kenur dina suku manuk titiran téh antepkeun wé.
□ Satuju
□ Teu satuju
Alesanna:
