carpon bahasa sunda sapatu hideung

Sapatu Hideung

   Lain maksud Hadi teu taat kana aturan sakola. Nempo babaturan jeung lanceuk kelasna ogé loba anu maké sapatu bébas, jorojoy Hadi hayang nyobaan maké sapatu bébas, moal aya rajia meureun. Enya wé salamet, di sakola téh euweuh guru anu mariksa.

    Isukna Hadi maké deui sapatu bébas, nepi ka aya samingguna. Hiji poé, ngadadak guru BP ngontrol murid unggal kelas, lain ngan saukur sapatu wungkul nu dipariksa téh, tepi ka buuk gondrong, saragam nu teu maké bet jeung lokasi kabéh dipariksaan. Atuh Hadi geumpeur, da rumasa make sapatu bébas, nu ngalanggar aturan kabéh diiringkeun ka ruang BP, saurang-saurang
ditanya naon sababna bet ngamomorékeun aturan sakola. Untung Hadi mah kakara sakali ieu katohyanna, jadi hukumanna ukur dititah meresihan jamban. Tapi murid lalaki anu buukna galondrong mah, langsung ditorombolan, komo ka nu geus ngalanggar leuwih ti dua kali mah, dititah nyabutan jukut di buruan sakola dina kaayaan panas na mentrang-mentring. Aya oge anu dititah lumpat ngurilingan lapang sababaraha kuriling.
      Ti harita Hadi ngarasa ginggiapeun, moal sakali-kali deui maké sapatu bébas sanajan teu aya pamariksaan oge, tenang kana haténa
teu degdegan. Karunya mah Wiwin, batur sakelas Hadi nu sarua maké sapatu bébas. Wiwin mah lain hayang ngagaya, tapi bener- bener teu boga sapatu hideung. Teu cara Hadi, boga ogé sapatu
hideung make sapatu bébas. Ti poe éta, Wiwin teu asup sakola, teu aya béja teu aya serat naon sababna bet bolos. Saenggeus tilu
poé, kabéh mupakat rék ngalongok ka imahna, bisi gering atawa kamusibahan. Maklum apan keur usum bencana alam.
    Balik sakola bring genepan minangka wawakil kelas, muru ka imah Wiwin. Barang sreg ka imahna, kasampak Wiwin keur sasapu di buruan. Rada reuwaseun ogé katingalina, waktu ningali babaturanana daratang ngabrul. Wiwin terus terang, sabab teu asup sakola teh teu boga sapatu hideung, menta dipangmeulikeun ka indungna teu
acan kaparengan boga duit. Karunya teuing geuning Wiwin téh, anak yatim. Bapana tos pupus basa Wiwin kakara kelas dua SD.

   Ayeuna indungna usahana ngan saukur dagang kukuéhan ngider ka pilemburan, keur dahar duaaneun. Wiwin téh nunggal, unggal balik sakola sok ngabantuan indungna ngiderkeun kuéh. Saeutik. eutikeun mah, dina usaha éta teh Wiwin bisa neundeun duit keur meuli buku jeung keur waragad sakola.

   Sabot Wiwin ka jero, Hadi jeung babaturanana badami kumaha carana sangkan Wiwin gancang sakola deui. Karunya lamun bolos terus lila-lila mah katinggaleun pangajaran. Nya ahirna mupakat, rék pangmeulikeun sapatu keur Wiwin maké duit kas anu kabeneran dicepeng ku Hadi salaku bendahara kelas. 
    Ahirna mah, Hadi sajajalan balik ka imah bari ngucap sukur ka Alloh, geuning ari ningali ka handap mah, loba keneh anu butuh
pitulung leuwih kakurangan ti kulawarga Hadi. Ari urang salawasna ninggali ka luhur mah pasti bakal ngarasa kurang baé. Ceuk Hadi dina jero haténa.

Kenging: Nanum Dyah Rahmatika
Tina: Manglé Alit 

Kamus Alit
badami  = berunding
ditorombolan =dicujur botak tidak rapih
Beja = kabar, berita
mentrang-mentring = panas terik
Ningali = melihat
reuwaseun = terkejut 
ngalongok = melayat 
memakai =nganggé
ngamomorékeun = meremehkan,
kasampak = terlaksana, terwujud
katohayanna =menggampangkan,  tampak
salawasna = selalu
lanceuk = kakak 
unggal = tiap, saban
lumpat = lari
pitulung = penolong 
seueur = banyak