-->

cara membuat rangkaian cerita pondok bahasa sunda

Saat kita menulis carpon bahasa sunda hal yang harus kita lakukan adalah membuat rangkaian karangan carita pondok terlebih dahulu. saya melihat dalam perlombaan terutama dalam tingkat sekolah dasar bahwa mereka masih menulis berdasarkan karangan pribadi yang mereka alami. tidak membuat sesuatu yang menarik dan memperhatikan pokok-pokok penting.

Berikut ini saya akan bahas hal apa saja yang harus dilakukan saat membuat carpon.

1. Rangkay karangan carita pondok yang perlu kita perhatikan dan harus ada pada carpon yang kita buat : 

1.Unsur carita pondok
a. Palaku
1) Saha palaku ? (siapa pelakunya) 
2) Sabaraha urang palakuna (siapa saja pelakunya) 
3) Naon hubungana jeung tokoh utama (apa hubungan pelaku lain terhadap tokoh utama) 
4) Apal watekna (bagaiana watak si pelaku. 

dalam menentukan pelaku hal yang harus kita lakukan adalah membuat nama seberbeda mungkin antar 1 karakter agar tidak terjadi kebingungan. contoh susan, susi. maka akan membuat rumit pembaca bahkan kita selaku penulis. 

b. Tema
1) tema apa yang akan kita pilih. terkadang tema menjadi hal yang kita hiraukan. karena seharusnya tema ini yang akan menjadi hal penting untuk membangun sebuah cerita. 

c. Alur
1) alur yang membuat cerita menjadi menarik. apakah alurnya maju, mundur. membuat pembaca merasa tidak monoton. 

d. Latar
1) Dimana kajadian ? 
2) Kumaha kajadian ? 
3) Iraha kajadiana? 

e. Puset Implengan
1) Caturan jalma ka hiji
2) Caturan jalma ka tilu
umumna carpon di tulis ti caturan jalma katilu. lamun ngangunakeun caturan jalma kahiji tiasa wae ngan hasil carponna jiga diari. sementara dalam aturan juknisnya carpon harus dibuat tidak berbentuk seperti catatan harian. 

f. Amanat
hal penting yang harus ada yaitu pesan yang ingin di sampaikan dalamcerita. semakin baik cerita di bangun dan di tutup dengan pesan yang tersirat akan lebih baik. 



dalam teknis membuat carpon sunda siswa akan diberikan gambar untuk di pilih dan menjadi stimulus. 

contoh : tingali gambar di luhur! jieun carita pondok ngenaan gambar diluhur ! 

1. tentukeun palaku. 
Asep (karakter utama) watekna, cerdas, sabar
Ujang (karakter antagonis) sirik ka batur, 
Tuti (karakter pendukung) 
Desi (karakter pendukung) 
Kang Deri (karakter pendukung) 
Usman (karakter pendukung) 
 
2. latar tempat : 
a. tempat kemping , sakolaan, leuweung 
b. latar waktu : isuk-isuk, beurang, jeung peuting.

3. alur
dalam alur kita tulis saja garis besar cerita yang akan kita ceritakan.  
- di sakola bakal aya persami 
- barudak antusias, tapi si Ujang gaduh rencana nyilakakeun Asep
- kegiatan persami dilakukeun di sakola aya sakola lain oge 
- Ujang nyasar di leuweung 
- kang deni masihan sandi nu nunjukeunlokasi ujang 
- ujang menta hampura jadi akrab jeung babaturan nu lain

4. amanat : Babaturan jeung gawé bareng téh hal anu penting. 
Sirik ngan bakal mawa masalah, jeung ngahampura téh tindakan anu mulya.


contoh carpon :  

                                                              Kode Sandi Kang Deni

    SDN Gadung Hiji bakal ngayakeun acara Persami. Acara persami téh dilaksanakeun poe Sabtu jeng Minggu. Matak kitu disebatna persami nyaéta perkemahan Sabtu jeung Minggu. Barudak kelas 6 nu ngadangu pengumuman ti bapak guru ngenaan persami sumanget pisan. Komo deui persami téh badé di hijikeun jeung sakola SD Sindangraja. Kagiatan nu pasti bakal resep lantaran bisa nambihan pangalaman jeung babaturan. 

    Sateacan acara persami téh, barudak kelas genep jeung kelas lima teh diajarkeun sababaraha materi sapertos sandi, tali temali, jeung élmu dasar pramuka. Asep murangkalih nu pinter, pa guru resep mun ngajar Asep lantaran élmu nu di dugikeun gancang nerapna, jeung Asep mah sabar ngajarkeun ka babaturan nu teu bisa. Tapi beda jeung Ujang. Ujangmah teu resep lamun si Asep jadi sorotan, tapi manéhna géngsi lamun diajarkeun ku Asep padahal manéhna teu bisa nanaon. 

    Hiji mangsa, pa guru ngabagikeun surat ijin kemping. 

    "Ulah dugika Ical nya! ieu janten sarat hidep ngiringan persami, lamun lcal ku bapak moal di ijinan ngiringan !" saur pa guru ngawanti-wanti ka barudak nu rék ngiring persami. 

    Surat ijin téh kacida pentingna sabab, lamun aya nanaon guru moal disalahkeun kumargi orang tua parantos ngizinan. kitu ogé nu gaduh panyawatmah ku paguru oge di piwarang ulah ngiringan margi bilih janten teu damang. 

    Ujang boga akal licik. Di jam istirahat surat ijin nu geus di asupkeun kajero tas Asep teh di cokot tuluy di soékkeun. 

    "Béréwéékkk" kertas téh di soékkeun ku si Ujang tuluy "lung!" weh ka tempat sampah. 

Ujang indit sieun katempo batur. Na jero haténa ujang nyarios "Aman ayenamah, si Asep moal ngiluan pramuka, rasakeun Asep !" 

    Asep,  Tuti Jeung Desi kaluar di ruang guru. Teu kahaja panggih jeung Ujang. Rada reuwas Ujang teu nyangka lantaran bakal panggih jeung Asep. 

"Tos timana jang ?" taros Tuti

"Ti kantin, rada lapar bieuteh jadi jajan heula" waler ujang ngawadul. "Tuti tos timana ?" 

"Tadi Asep nganter abdi nepangan pak guru lantaran Desi téh teu gaduh acuk kanggo kémping" 

"Naha teu gaduh acuk ? Apanan sok nganggo harita!" waler Ujang

"Bénten atuh Jang, éta mah acuk siaga, pan ayeunamah urang téh usia penggalang" saur Asep, ngadagu kitu Ujang asa di éra-éra ku Asep. 

"Leres Jang, untungna bieuteh Asep jeung Tuti téh bageur milarian solusi kanggo abdi nyaeta nepangan pa guru !" 

"Muhun, untung na pa guru gaduh acuk alumni nu teu di anggo" saur Asep 

"Kaleresan acukna pas sareng Desinya ?" tambih Tuti. 

"Oh!! sukur atuh ari kitumah, padahal mah mun teu aya nyarios wé ka Ujang" saur Ujang. 

"Emangna mun lapor ka Ujang bakal di pangmeserkeun nu anyar ?" saur Desi 

"Nya moal, ku Ujang gé bakal di anteur nepangan pa guru" saur Ujang bari nyerengeh seuri. 

"plok !" sora leungeun Tuti nepak tak-tak na si Ujang. "Ah etamah tuturut munding atuh" 

"lain tuturut munding Tut, Tapi tututur Asep" saur Desi nambihan. barudak jadi seuri cacalakatakan. 

papisah weh barudakteh. Ujang makin keheul ka Asep gagara kajadian tadi. tapi inget bahwa asep bakal di ulahkeun ku paguru ngiringan lantaran suratna leungit Ujang jadi puas. 


Kaisukana barudakteh kumpul di lapang payuneun sakola. Siap mangkat ka tempat kemping. Ujang reuwas ningali Asep aya di barisan panghareupna. dina hatena manehna tatanya kunaon si Asep bisa ngiluan. teras manehna nyamperkeun Asep nu keur ngobrol jeung Tuti. 

Untungnya si Desi can nulis surat izin jadi tiasa di fotokopi" saur Tuti 

"Muhun, untungna Desi bageur ka abdi" 

"Etateh, gara-gara Asep ngabantuan Desi !" tembah Tuti. "Leres, kaalusanmah sok di bales deui ku ka alusan, sabaliknna ka gorengnan bakal menang kagorengan deui !" tembal Desi nu karak datang. Ujang ngan ngadengekeun ti jauh alim nimbrung. 

di perkemahan Asep jeung babaturana ngabangun tenda babarengan. beda jeung Ujang nu ngeluh we teu ngabantuan babaturana. "Moal ngabantosan ?" saur Usman 

"Cape ah !" saur Ujang bari melak cangkeng

"padahalmah di imah we lamun alim cape mah !"

"kumaha urang we!" tembal Ujang. Usman nu kesel tuluy indit. 

Awi nu jadi pondasi tenda murag rek ninggang Ujang tapi ku Asep kaburu di tahan. laina nganuhunken ka Asep, Ujang malah indit. Usman makin kesel ka Ujang. 

"Wios man, ulah di udag ujangmah. rengsekeun hela we tendana ku abdi di bantosan!"

"bageur euy Asepmah, coba mun Asep lebet ka kelompok ieu" 

"teu sakelompok ge mun aya nu tiasa di bantos ku Asepmah pasti di bantos Man" saur Asep. babaturan nu ngadanguna makin atoh. 

teu lila tenda beres jadi, Ujang sibuk kukulutus bari teu sadar asup ka jero leuweung.

Pa guru nepangkeun pebina namina kang Deni. Kang Deni teh senior di pramuka. anjeuna ngasih materi teh babari di serepna ku barudak. teu lila aya nu rame neangan Ujang nu can uih deui ka tenda.

teu lila Asep datang naroskeun naon nu jadi sabab rame barudak katingali ti kajauhan. Asep miwarang laporan ka paguru tapi pas di tingali pak guru nuju teu aya. 

"kunaon Asep ?" saur kang Deni 

"Abdi milarian Ujang teu acan uih ka tenda"  

"oh kitu, tadi Ujang miwarang ka Kang Deni masihkeun ieu!" 

"naon ieu kang ?" taros Asep 

"saurna buka sasarengan jeung rencangan" saur kang Deni. leos weh Asep balik deui ka tenda tuluy muka amplop.

"gening ieumah sandi" saur Asep 

"coba Sep, pecahkeun sasarengan sandi ieu , pasti petunjukna nunjukeun tempat Ujang cicing!" 

Teu lami, Ujang , Tuti Usman jeung Desi angkat ka leuweung. nyoba mecahkeun sandi nu aya dina surat jeung maca peta. aya oge petunjuk jalan nu pernah di ajarkeun pa guru. 

"tah lamun X tandana ulah kadinya  !" saur Usman 

"leres ! hayu ka palih kenca !" saur Desi. 

Saalit-saalit petunjuk ti surat etateh saatos sandi - sandina di terjemahkeun nunjukeun tempat Ujang. Leres weh Ujangteh nuju ceurik nyalira teu tiasa uih. Asep jeung baturana datang. 

"Kunaon Ujang ?" 

"Gening Asep, Hampuranya sep. ieuteh karma mereun ti Asep lantaran abditeh gaduh hate nu awon ka Asep" 

"kunaon Jang ?" 

Ujang nyaritakeun nu aya na jero hatena. Asep nungadangu teu saetik oge boga rasa kesel ka Ujang justru ngamaafkeun. saur Asep, rencangan sarebu teu cukup , musuh hiji loba teuing. paribasa eta nu akhirna nyieun Asep jeung Ujang jadi babaturan nu akrab. Asep heran, sabab kang Deni nyarios yen sandi nu di peihkeun ka Asep saur nateh ti Ujang padahal sanes. rupina kang Deni teh apal yen babaturana teh leungit tapi kang Deni ngetes kamampuan Asep. Teu lami kang Deni nyarios ka sadayana yen pramuka teh kudu miboga sifat dasa darma na jero hatena. lain ngan saukur di hafal kuotak tapi di pilampah dina kahirupan sapopoe. Kang Deni muji ka Asep tiasa mecahkeun sandi ti kang Deni. tos lami Kang Deni teh merhatoskeun Asep lantaran Bapakna Asepteh nyaeta rencangan guru na Kang Deni waktos di SMA. 

"kumaha sandi ti akang ?" taros kang Deni ngaharewos 

"lumayanlah kang !" Waler Asep 

"Resepnya diajar pramuka mah ?" 

"resep kang !" waler Asep

Wengi na barudak kempel di lapang pikeun nonton api unggun. Asep, Tuti, Usman, Ujang Jeung Desi jadi petugas nu nyepeng Obor pikeun ngahurungkeun api unggun. Kegiatan pramuka kacida resepna. atos api unggun aya acara pentas seni. barudak kahibur ku acara seni nu di pentaskeun ku sadaya perwakilan SD. SD Sindangraja ge teu eleh nampilkeun penampilan nu ngahibur. silih ngahubur jeung ngaeratkeun tali silaturahmi. 



  



  •  


Mudah-mudahan terjemahan ieu tiasa dipahami sareng sesuai harapan! 😊

(nama siswa dibuat kontras supaya tidak bingung dalam penulisan. adapun watak ditulis untuk mempermudah membuat cerita. 


Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel