-->

materi b. sunda tentang kalimah langsung dan tidak langsung

Kalimah Langsung jeung Kalimah Teu Langsung

1. Kalimah Langsung 
Nyaéta kalimah anu langsung diucapkeun ku panyaturna (nu nyarita).
Dina basa tulisan, omongan si panyatur téh ditempatkeun dina jero tanda 
kekenteng atawa tanda petik ( “....” ).

Ciri anu utama tina kalimah langsung nyaéta yén kalimah langsung mah, 
nyaéta lafal, lentong, pilihan kekecapan, jeung penjiwaan dina waktu 
nyarita, bisa dijentrekeun sacara leuwih jelas ti batan dina kalimah teu 
langsung. 

Wangun nyarita atawa ngawangkong anu ngagunakeun kalimah langsung, dina basa Sunda disebutna paguneman. 

Paguneman 
nyaéta dialog atawa ngawangkong dua arah, silih tempas, antara dua 
urang atawa leuwih, jeung ngagunakeun kalimah langsung.
1. Ceuk Asep, “Aduh ampir tadi mah, Neng, urang rék kacopétan !”
2. Ceuk Ujang, “Aduh, ampir tadi mah, Bu, Euis badé katabrak motor!”


2. Kalimah Teu Langsung 
nyaéta kalimah anu diucapkeun henteu langsung ku panyaturna (nu nyarita), sipatna naratif (nyaritakeun).
Ciri anu utama tina kalimah teu langsung nyaéta yén kalimah teu 
langsung mah miboga sipat anu naratip, nyaéta sipat jeung bentukna 
naratip. Dina kalimah teu langsung mah henteu pati kaciri sipat-sipat anu 
ngagambarkeun kaayaan waktu hiji jalma nyarita, saperti tarik launna sora 
atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu 
digunakeun waktu nyarita, jeung penjiwaan dina waktu nyarita.

Contoh kalimat teu langsung 
1. Ujang bebeja ka Bu Guru yen Euis rék kaatabrak motor.
2. Asep bebeja ka Neneng yen manehna rék kacopétan .

TUGAS
KALIMAH TEU LANGSUNG
 Euis ngomong ka Neneng yén manéhna kaleungitan pulpen.
KALIMAH LANGSUNG : ....................
Jawab : 
ceuk Euis "Neng, abdi kaleungitan pulpen duka dimana"

Pigawe kawas conto :
1. Imas bebeja ka Nanang yén manéhna kagéteun rék labuh di jalan.
Jawab : 

2. Nanang bebeja ka Ujang yén manéhna poho heunteu mawa buku basa  
Sunda.
Jawab : 

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel