-->

tugas bahasa sunda materi kalimah aktip kalimah pasip

robah kalimah aktip di handap jadi kalimah pasip 

contoh 

Dudi meuli buku di toko 

Buku di beuli ku dudi di toko 

TUGAS  !!

1) Mang karta keur nyieun anyaman 

jawab : .............................

2) Kang Sodik ngarautan awi keur langlayangan.

jawab : .............................

3) Ahmad ngaluluhan taneuh keur karajinan.

jawab : .............................

4) Darja jeung Rasja keur manggul hoé.

jawab : .............................

5) Nani keur mérésan buku dina rak.

jawab : .............................

6) Mamah nuju ngadamel kuéh.

jawab : .............................

7) Bapa nuju maos koran di tepas.

jawab : .............................

8) Kang Ahman ngajingjing émbér ti sumur.

jawab : .............................

9) Bu Ustad nuju ngawurukan santri di madrasah.

jawab : .............................

10) Bu Hani nuju ngawulangkeun kawih di kelas.

jawab : .............................


Pancén Hidep

Robah kalimah pasip di handap ieu kana kalimah aktip.

Contona:

Tangkal keur dituar ku Mang Nana. 

Mang Nana keur nuar tangkal.


1) Pago awi keur dipakuan ku Mang Danu.

jawab : .............................

2) Erak buku tina hoé dibeuli ku Maman.

jawab : .............................

3) Bolu diseupan ku Ina.

jawab : .............................

4) Sangu keur diakeul ku Bi Anah.

jawab : .............................

5) Téko keur dicician ku Mamah

jawab : .............................

6) Buku dicandak ku KM ka perpustakaan.

jawab : .............................

7) Patlot abdi ditambut ku Dédé.

jawab : .............................

8) Tukang dagang dirogrog ku barudak.

jawab : .............................

9) Patlot keur diseukeutan ku Mamat.

jawab : .............................

10) Bal ditalapung ku Réndra.

jawab : .............................



Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel