-->

materi teks riwayat hirup bahasa sunda biografi

Di handap ieu aya téks biografi atawa riwayat salasaurang inohong Sunda. Pék baca dina jero hate!

Si Jalak Harupat Radén Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di Tangerang, sasih Désémber 1945. Radén Oto hirup di lingkungan kulawarga priyayi anu boga

jiwa ngarayat.

Satamatna ti SD, Oto nuluykeun ka Sakola Guru di Bandung, tuluy pindah ka Purworejo. Ti dinya, Oto dibenum jadi guru HIS di Banjarnegara (1920), Bandung (1921-1924), jeung Pakalongan (1924-1928).

Di Pakalongan, Oto aktip dina organisasi Budi Utomo sarta kapilih jadi anggota Dewan Kota. Taun 1925 Oto sabatur-batur ngadegkeun Sakola Kartini. Nya dina waktu harita, Oto ngeritik Paguyuban Pasundan. Anjeunna nadar rék meuncit hayam, tuluy embé, lamun Paguyuban Pasundan bakal bubar.

Taun 1928 Oto pindah gawé ka Jakarta, jadi guru HIS Muhammadiyah. Waktu di Jakarta, Oto jadi anggota Paguyuban Pasundan, anu kungsi dikeritikna. Minatna kana pulitik jeung pajuangan kamerdekaan Indonésia beuki ngagedur. Nya kapilih jadi Pupuhu Pangurus Puseur Paguyuban Pasundan sarta jadi wawakilna di Dewan Rayat.

Waktu biantara, keritik-keritik Oto ka pamaréntah Hindia Walanda téh pohara peureusna. Inyana kungsi nyebutkeun yén Indonésia pasti merdéka. Naha Walanda rék indit sorangan atawa serah bongkokan bangsa Indonésia. Nya ku kawanina téa, Oto meunang jujuluk Si Jalak Harupat, nyaéta ngaran nu biasa dibikeun ka hayam jago adu anu wanian tur tara éléh.


Dina taun 1941, Oto jadi anggota GAPI minangka wawakil Paguyuban Pasundan tur anggota Majelis Rayat Indonésia. Waktu penjajahan Jepang, Paguyuban Pasundan dibubarkeun. Pikeun nganyalametkeun kakayaan Paguyuban Pasundan, Oto ngawangun Badan Usaha Pasundan, anu dipingpin ku Sanusi Harjadinata. sorangan jadi pamingpin umum koran CAHAYA. Hiji-hijina koran and meunang medal di Jawa Barat.

Oto gawé bareng jeung Jepang. Anjeunna jadi anggota Jawa Hokokai (Himpunan Kebaktian Rakyat Jawa). Waktu Jepang ngayakeun pasukan Pembela Tanah Air (PETA), Oto ngintunkeun putrana nu jenengan Sentot Iskandardinata pikeun milu latina ΡΕΤΑ.

Waktu rék diwangun nagara Indonésia, Oto jadi anggota badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI). Kitu deui, waktu diwangun Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI), Oto ogé aktip jadi anggota. Dina sidang PPKI tanggal 18 Agustus 1945, sapoé sanggeus proklamasi kamerdékaan Indonésia, disahkeun undang-undang dasar tur dipilih pangurus nagara. Nya dina éta kasempetan, Oto ngusulkeun Sukarno jeung Moh. Hatta pikeun jadi présiden jeung wakil présiden Indonésia. Kalawan aklamasi, usul Oto téh disaluyuan ku sakabéh anggota PPKI.

Dina Kabinet Présidensial nu dipingpin ku Présiden Sukarno, Oto dibenum jadi Menteri Nagara. Oto ogé aktip dina ngawangun Badan Keamanan Rakyat (BKR), anu robah jadi Tentara Keamanan Rakyat (TKR), anu robah deui jadi Tentara Nasional Indonesia (TNI).

Dina bulan Désémber 1945, Oto aya nu nyulik tur dibawa ka Basisir Mauk, Tangerang. Di éta basisir, Oto aya nu maténi, tapi jasadna teu kungsi kapanggih. Ku kituna, dina tengah taun 1950an, kalawan simbolis dijieun makamna di Pasir Pahlawan, Lembang, Bandung. Sataun ti harita, Oto dilélér jadi Pahlawan Nasional.

Diropéa tina Ensiklopedi Sunda, kaca 465.

1. Wacana Biografi

Wacana anu dibaca ku hidep téh disebutna biografi atawa riwaya hirup. Riwayat hirup nyaéta wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu sukses dina kahirupanana. Riwayat hirup bisa ngahudang sumanget atawa kahayany jalma lian nu macana pikeun nurutan jalan hirup tokoh anu dicaritakeun.

Riwayat hirup téh aya anu ukuran pondok aya anu panjang. buku-buku bagian jilid tukang sok aya riwayat hirup pangarangna, ilana ukuranana pondok, ukur sakaca. Aya deui riwayat hirup anu uk panjang dina wangun buku. Aya sawatara buku biografi saperti Blog Pahlawan Asal Jawa Barat dikumpulkeun ku Budi Rahayu Tamsyah ( Sunten, 1993), Nu Maranggung dina Sajarah Sunda dikumpulkeun ku S. Ekadjati (Pusat Studi Sunda, 2006), jeung 9 Pahlawan Nasional Jawa Barat dikumpulkeun ku Nina H. Lubis (Lemlit Unpad, 2006). 

Adegan wacana riwayat hirup (biografi) umumna ngawengku sababarana hal, di antarana waé: 

(1) Ngaran jeung weton nu diriwayatkeun, sarta kulawargana; 

(2) Riwayat atikan; 

(3) Riwayat gawé; 

(4) Kagiatan hirupna; 

(5) Karya-karyana; 

(6) Jasa-jasa salila hirupna; jeung 

(7) Pangajén (penghargaan).


Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel