-->

materi kecap pananya jeung gunana kelas 6 bahasa sunda

kecap pananya 

1. saha, kusaha, tisaha, kasaha 

gunan pikeun nanyaken  jalma, pangeran, malaikat jeng jin 


contohna : 

saha pangeran anjeun ? 

tisaha eta bejana ? 

kusaha balpen di tambut ? 


2. mana, numana 

gunana pikeun pilihan 


mana baju nu alus jang ka pesta ?

Pesak numana nu aya artosan ?


3. timana, kamana, dimana 

gunana pikeun nanyakeun tempat asal, tempat tujuan jeng tempat ayana 


timana anjeun nembe uih ? 

kamana anjeun minggu payun ?

dimana anjeun sumpingna ? 


4. naon

gunana pikeun nanyakeun hal, barang , atau tutuwuhan 

naon ngaran barang ieu? 


5. kumaha 

gunana pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan 

contohna 

kumaha cara nyieun bakso goreng ?


6. sabaraha 

gunana pikeun nanyakeun harga, jumlah jeng bilangan 

contohna : 

sabaraha harga HP samsung ? 

sabaraha jumlah murid kelas 6 ? 


7. kunaon, naon sababna, naha 

gunana pikeun nanya sabab atawa kalakuan

contohna 

1. kunaon Budi minggu kamari teu asup ?

2. naon sababna Budi kamari teu asup? 

3. naha Budi make nyeri beuteung ? 


PANCEN / TUGAS 

gawean kawas conto

saha 

kalimahna : saha nu ngarang carpon teh ? 


PANCEN

1. dimana 

kalimahna ...........................

2. naon 

kalimahna ...........................

3. sabaraha 

kalimahna ...........................

4. kumaha 

kalimahna ...........................

5. naon sababna 

kalimahna : ...........................

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel