-->

materi bahasa sunda kelas 6 pangajaran 6 kecap kaayaan sipat

dina postingan ieu, ayna urang lajengken pangajaran bahasa sunda kanggo semester 2 kelas 6 ngenaan kecap kaayaan sipat, 

 Kecap kaayaan sipat teh sok di tuturkeun ku katerangan sipat. Nu hartinna pohara atawa pisan.

contoh : 
Hideung cakeutreuk 
Hejo ngagedod 
Koneng koneas 
Beureum eceuy 
Pait molelel
Tiis cemewek 
Herang ngagenclang 
Leutik ngagalatik 

supados hidep lewih apal kana kecap kaayaan sipat, pek baca contoh di handap ! 

1. Nuduhkeun Warna
Beureum euceuy
Bodas nyacas
Bodas ngeplak
Hejo ngagedod
Hideung cakeutreuk
Hideung meles (dilarapkeun kana buuk jalma atawa bulu sasatoan)
Hideung lestreng
Koneng enay
Koneng umyang (dilarapkeun kana pakulitan jalma)

2. Nuduhkeun Rasa
Amis kareueut
Haseum ngadengil
Lada newewet
Pait molelel
Pangset moletek
Panas nereptep
Tiis camewek
Seungit melenghir
Seungit meleber
Seungit ngadalingding
Bau meledos
Bau meledek
Hangseur meleding


3. Nuduhkeun Sipat/Kaayaan
Herang ngagenclang
Herang ngagenyas
Poek mongkleng
Poek meredong
Caang mabra
Caang ngebrak
Kandel kedeplik
Ipis nyempring
Pendek pecekrek
Pendek pedeklek
Panjang ngagebay
Gede ngajegir
Leutik camperenik


Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel