-->

Materi bahasa sunda kalimah langsung dan tidak langsung

Kalimah Langsung jeung Kalimah Teu Langsung

1. Kalimah Langsung 

Nyaéta kalimah anu langsung diucapkeun ku panyaturna (nu nyarita).

Dina basa tulisan, omongan si panyatur téh ditempatkeun dina jero tanda 

kekenteng atawa tanda petik ( “....” ).

Ciri anu utama tina kalimah langsung nyaéta yén kalimah langsung mah, 

nyaéta lafal, lentong, pilihan kekecapan, jeung penjiwaan dina waktu 

nyarita, bisa dijentrekeun sacara leuwih jelas ti batan dina kalimah teu 

langsung. Wangun nyarita atawa ngawangkong anu ngagunakeun 

kalimah langsung, dina basa Sunda disebutna paguneman. Paguneman 

nyaéta dialog atawa ngawangkong dua arah, silih tempas, antara dua 

urang atawa leuwih, jeung ngagunakeun kalimah langsung.

Contoh : 

Ceuk Asep, “Aduh ampir tadi mah, Neng, urang rék kacopétan !”

Ceuk Ujang, “Aduh, ampir tadi mah, Bu, Euis badé katabrak motor!”

2. Kalimah Teu Langsung 

nyaéta kalimah anu diucapkeun henteu langsung ku panyaturna (nu 

nyarita), sipatna naratif (nyaritakeun).

Ciri anu utama tina kalimah teu langsung nyaéta yén kalimah teu 

langsung mah miboga sipat anu naratip, nyaéta sipat jeung bentukna 

naratip. Dina kalimah teu langsung mah henteu pati kaciri sipat-sipat anu 

ngagambarkeun kaayaan waktu hiji jalma nyarita, saperti tarik launna sora 

atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan 

Ujang bebeja ka Bu Guru yen Euis rék kaatabrak motor.

Asep bebeja ka Neneng yen manehna rék kacopétan .


Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel