-->

TATA KRAMA BASA SUNDA (Undak Usuk Basa)




TATA KRAMA BASA SUNDA (Undak Usuk Basa)
Gurat badagna tatakrama Basa Sunda teh dibagi 3 golongan, nyaeta :


1. Basa Kasar
Basa Kasar digunakeun keur sato atawa nu keur ambek

2. Basa Loma
Basa Loma diharapkeunka jalma/babaturan anu geus loma (akrab)

3. Basa Hormat
Basa Hormat diharapkeun ka jalma anu pantes (meujeuhna) dihormat atawa diajenan


Tujuan ayana tatakrama Basa Sunda teh nyaeta pikeun silih hormat upama dibarengan ku : lisan (kecap) pasemon, rengkuh jeung lentong.

1. Cara Makena Basa
Basa Loma; Basa Lemes ka Sorangan; Basa Lemes ka Batur :
boga; Gaduh; Kagungan,

baju; baju; raksukan,

balik; wangsul; mulih

bawa/nyokot; bantun; candak
datang; dongkap; sumping
dahar; neda; tuang

gering; udur; teu damang

imah; rorompok; bumi

indit; mios; angkat

katenjo; katingal; katingali

mere; masihan; maparin

meuli; meser; ngagaleuh

menta; nyuhunkeuh; mundut

mandi; mandi; siram
nanya; naros; mariksa
nyaho; terang; uninga
ngadenge; nguping; ngadangu
nginum; nginum; ngaleueut
poho; hilap; lali
sare; mondok; kulem
nyarita; nyanggem; nyarios
hudang; hudang; gugah
diuk; diuk; calik
labuh; labuh; geubis
ngomong; sanggem/nyanggem; saur
hayang; hoyong; palay

Basa Loma/Kasar & Basa Lemes :

panggih > tepang/pendak

meureun > panginten

ninggalkeun > ngantunkeun

indung kuring > pun biang

bapa kuring > pun bapa

indung anjeun > tuang ibu

bapa anjeun > tuang rama

pamajikan kuring > pun bojo

salaki kuring > pun lanceuk

salaki anjeun > tuang raka/caroge

pamajikan anjeun > tuang rai/garwa

ngodang > ngahaturkeun

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel