-->

materi Bahasa Sunda tentang carpon dengan contoh latihan

Poe ayena hidep  bakal diajar ngenaan carpon. 

Naon hartina carpon ?
Carpon teh pondokna tina carita pondok. 
Ari hidep pernah maca carpon ? 
Nu kumaha ari carpon teh ? 
Ari carita pondok teh nyaeta karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok. Ukuran pondok dicirian ku jumlah kecap antara 5000 - 7000 kecap. Najan bisa jadi rea nu leuwih pondok ti dinya. Ari sabab na ukuran pondok didieu mah relatif teu jadi ukuran anu tangtu.

Jalan carita carpon umumna sajalur henteu pajurawet. Latar kejadiana digambarkeun saetik pisan. waktu kajadiana sakeudeung, palakuna ge ngan saeutik, tara rea.
Ku lantaran pondok, carpon umumna dimuat dina koran atawa majalah.

Dina carpon aya nu disebut unsur carita. diantarana wae :
1) tema, nyaeta gagasan nu ditepikeun ku pengarang dina karyana
2) palaku, nyaeta tokoh nu ngalakonan atawa nu dilalakonkeun dina carita
3) latar, nyaeta waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
4) galur, nyaeta waktu jeng tempat lumangsungna kajadian dina carita
5) amanat, nyaeta hal nu bisa di lenyepan tina eusi carita ku nu maca.


Pek hidep baca carpon di handap tuluy kerjakeun pancen na !

GAGAK JADI HIDEUNG

    Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray sanca keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibelitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu balong tea.
    Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
    Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahluk hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Pancen/Tugas
pek gawean pancen dihandap, tulis soal jeung jawab dina buku tulis ! 
1. saha palaku dina carpon diluhur ?
2. dimana latar tempat kajadian carpon diluhur nyaeta ?
3. naon amanat nu ditepikeun ku penulis kanggo nu maca ?

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel