-->

paribasa dan babasan materi Sunda kelas 6 dan soal latihan

Babasan dan paribasa sunda merupakan gabungan kata yang sudah baku, sudah sesuai pakem, dibangun dari beberapa kata yang mengandung arti tertentu .

Dalam buku pangrumat basa sunda kelas 6. materi babasan/paribahasa terdapat pada pangajaran 5 tema wirausaha.
dalam buku parngrumat basa sunda kelas 6 dikatakan bahwa

Paribasa nyaeta gundukan kecap anu runtuyana anger atawa matok tur ngandung harti injeuman atawa babanding lambang kahirupan.

Dalam pengertian lain dengan menggunakan bahasa indonesia dikatakan bahwa
“paribasa” adalah berupa rangkaian kata baku yang membentuk sebuah kalimat/ ucapan yang biasanya merupakan perlambang lakon kehidupan.

Contoh :
Adat kakurung ku iga, Mihape hayam ka heulang, kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, cul dogdog tinggal igel,

Apa bedanya paribasa dengan babasan ?
Bedanya, babasan, ucapan baku yang tersusun atas gabungan hanya dua kata saja, misal :
  • gede hulu ( besar kepala, artinya : sombong, bukan. Jadi maksudnya bukan kepalanya ukurannya besar karena babasan disini adalah bukan makna sebenarnya)
  • panjang leungeun (panjang tangan artinya suka mencuri, bukan ukuran tangannya panjang)
Tidak boleh ada penambahan atau dikurangi karena akan merubah arti
contohnya :“gede hulu” bila kita ganti menjadi “ageung mastaka”, ini akan merusak arti.


Contoh paribasa sunda jeung hartina 

1. dagang peda ka Cirebon
Hartina : 
dagang barang ka tempat nyieuna atawa tempat asahna

2. dagang oncom rancatan emas
Hartina:
modal dagangna gede, ari nu dijual jeung batina saeutik

3. ngaboretekeun liang tai di pasar
Hartina:
 nyaritakeun rusiah sorangan nu matak aib

4. mata dijual ka peda
Hartina:
malaweung nepika teu apal ka nu keur di sanghareupan

5. bihari ngalingling pasir , ayeuna ngalanglang pasar
Hartina:
jalma beunghar anu terus babanda

6. elmu tungtut, dunya siar
Hartina:
hirup kudu neangan elmu jeung harta pikeun asalametan dunya

7. legok tapak , genteng kadek
Hartina:
jalma anu rea panlamanana

8. hade tata hade basa
Hartina:
jalma anu alis rengkah paripilahna jeung budi basana

9. hade ku omong , goreng ku omong
Hartina:
hade goreng bebeja heula

10. omong harus batan goong
Hartina:
beja atawa berita gancang nerekabna bari sok di tambahan

Adapun contoh babasan atau paribasa yang sering muncul dalam soal pelajaran bahasa sunda adalah ..
“Babasan Jeung Paribasa Sunda” yang umum dipakai dalam percakapan di kehidupan sehari-hari Orang Sunda :
  1. Atah anjang = langka silih anjangan
  2. Adigung adiguna = takabur, sombong
  3. Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh
  4. Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
  5. Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
  6. Alak paul = jauh pisan
  7. Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
  8. Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
  9. Asa teu beungeutan = awahing / bakat ku era
  10. Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = mupuas ka nu keur cilaka
  11. Amis budi = hade paroman
  12. Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
  13. Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
  14. Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki
  15. Amis daging = babari katerap panyakit
  16. Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyarieun batur
  17. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecah sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
  18. Agul ku payung butut = agul ku turunan
  19. Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
  20. Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
  21. Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
  22. Birit aseupan = teu daek cicing
  23. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
  24. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
  25. Beurat birit = hese dititah
  26. Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
  27. Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
  28. Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
  29. Bilatung ninggang dage = bungah pisan
  30. Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
  31. Badak cihea = degig
  32. Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
  33. Babalik pikir = insap
  34. Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
  35. Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
  36. Buntut kasiran = medit
  37. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
  38. Bodo kawas kebo = bodo kacida
  39. Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
  40. Bancang pakewuh = pikasusaheun
  41. Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
  42. Bulu kapaut = kabawa ku batur
  43. Balabar kawat = beja nu sumebar
  44. Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi can aya hasil
  45. Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
  46. Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
  47. Cueut ka hareup = tereh maot
  48. Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
  49. Disakompet daunkeun = disamarutkeun
  50. Dibejer beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
  51. dogdog pangrewong = acara panambah
  52. Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu
  53. Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
  54. Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
  55. Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
  56. Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
  57. Gantung denge = masih dedengeeun
  58. Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
  59. Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
  60. Garo mengmengan = taya kasabaran
  61. Galegeh gado = sagala dicaritakeun
  62. Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
  63. Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan
  64. Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
  65. Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
  66. Getas harupateun = gancang napsu
  67. Gindi pikir belang bayah = goreng hate
  68. Hampang birit = daekan kana gawe
  69. Hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
  70. Heuras genggerong = omonganana sugal
  71. Hade gogog hade tagog = jalma sopan
  72. Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu
  73. Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
  74. Hejo tihang = sok pundah-pindah pagawean
  75. Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup
  76. Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut ku pangbibita
  77. Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
  78. Handap lanyap = omonganna lemes tapi ngahina
  79. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
  80. Heureut pakeun = kurang kaboga
  81. Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul
  82. Iwak nangtang sujen = ngadeukeutkeun pibahayaeun
  83. Inggis batan maut hinis = paur pisan
  84. Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
  85. Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah
  86. Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
  87. Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
  88. Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
  89. Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
  90. Kurung batok = tara indit-inditan jauh
  91. Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
  92. Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
  93. Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
  94. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
  95. Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
  96. Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
  97. Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
  98. Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
  99. Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
  100. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
  101. Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu leumpang
  102. Kawas jeles kasaatan = teu daek cicing
  103. Kawas gaang katincak = jempe
  104. Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak
  105. Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
  106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot kababawa
  107. Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
  108. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
  109. Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek
  110. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
  111. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
  112. Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
  113. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
  114. Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
  115. Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan
  116. Kulak canggeum = milik nu geus dtangtukeun ku Gusti Alloh
  117. Kembang buruan = budak nu keur resep ulin
  118. Kawas leungeun palid = uyup-ayap teu daek cicing
  119. Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
  120. Kawas merak = beuki kana cengek
  121. Kawas cucurut kaibunan = goreng patut pisan, kulimis
  122. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = sauyunan
  123. Leuleus awak = daekan
  124. Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan
  125. Laer gado = tara daek repeh; resepna barangpenta ; kabitaan
  126. Leutik-leutik ngagalitik = awakna leutik tapi gede kawani
  127. Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
  128. Lalaki langit, lalanang jagat = gagah perkasa
  129. Lauk buruk milu mijah = marok-marokkeun maneh
  130. Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
  131. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
  132. Lodong kosong ngelentrung = jalma loba omong, pangartina kosong/ saeutik
  133. Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna
  134. Leutik ringkang gede bugang = manusa awakna leutik jiwana gede
  135. Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman
  136. Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho
  137. Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah
  138. Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
  139. Miyuni kembang = loba nu mikaresep
  140. Miyuni tai = loba nu mikangewa
  141. Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae batur
  142. Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot
  143. Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur
  144. Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna
  145. Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe
  146. Maut nyere ka congona = sangsara ka kolotnakeun
  147. Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
  148. Nu asih dipulang sangit = kahadean dibales ku kagorengan
  149. Nete taraje nincak hambalan = tartib mapay ti handap
  150. Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang tapi teu jol bae
  151. Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal kahontal hasilna
  152. Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
  153. Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat
  154. Nyeungeut damar di suhunan = barangbere hayang kapuji
  155. Nyaah dulang = ka budak ngurus daharna wungkul, pendidikannana teu dipirosea
  156. Ngeplek jawer = taya wawanen
  157. Ngadaun ngora = jadi rame
  158. Nyoo gado = ngunghak
  159. Nyalindung ka gelung = nu teu boga, kawin ka awewe beunghar
  160. Ngadu geulis = paalus-alus
  161. Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
  162. Neundeun piheuleut = ngajak goreng
  163. Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa, nya goreng lampah
  164. Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna
  165. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari ka batur bageur, ari ka dulur medit
  166. Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
  167. Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ; ngareup-ngareup pamere
  168. Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun
  169. Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
  170. Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun ka nu nulungan
  171. Ngadek sacekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna
  172. Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun
  173. Ngageuingkeun macan turu = ngahudang piambekeun batur
  174. Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri
  175. Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyamperkeun pibahayaeun
  176. Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
  177. Panjang leungeun = daek puak-paok
  178. Panjang lengkah = jauh panyabaanana ; loba pangalamanana
  179. Pindah pileumpangan = robah adat
  180. Paeh teu hos, hirup teu neut = gering ngalanglayung
  181. Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya
  182. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat
  183. Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh digawe
  184. Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan
  185. Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = pakia-kia teu daek sauyunan
  186. Rea ketan rea keton = taya kakurang
  187. Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga
  188. Saciduh metu saucap nyata = sakti, ucapannana tara nyalahan
  189. Sisit kadal = goreng milik
  190. Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui
  191. Saur manuk = ngajawab bareng
  192. Sieun meubeut meulit = sieun kabawa
  193. Teu gedag bulu salambar = taya kasieun
  194. Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh
  195. Teu beunang dikoet ku nu keked = medit pisan
  196. Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa
  197. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
  198. Teng manuk teng, anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna
  199. Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur
  200. Wawuh munding = wawuh ngan saliwat
A. Pancen / tugas 

Jodohkeun kalimat di handap ieu.

NO
PARIBAHASA
NO
HARTINA
1
Kawas ucing jeng anjing
A
Teu daek cicing lantaran menang kasusah
2
Kawas hayam keur endogan
B
Menang untung gede tina modal leutik
3
Nyair hurang menang kancra
C
Nyebarkeun kagorengan
4
Bonteng ngalawan kadu
D
Teu daek akur
5
Ngaliarkeun taleus ateul
E
Nu Lemah ngalawan Nu kuat
6
Jalma alus rengkah paripolahna
F
Menang Luang Tina burang
7
Beja gancang merekabna
G
Elmu tungtut dunya Siar
8
Rea pangalaman hirupna
H
Omong harus batan goong
9
Meunang pangalaman tina cilaka
I
Hade tata hade basa
10
Hirup kudu neangan Elmu  pikeun kasalamatan dunya akhirat
j
Legok tapak genteng kadek

0 Response to "paribasa dan babasan materi Sunda kelas 6 dan soal latihan"

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel